|
|
Zimbabwé
Zimbabwé (dikecapkeun /zɪmˈbɑbweɪ/), resmina Républik Zimbabwé, samemehna Rodésia Kidul, Républik Rodésia atawa Zimbabwé Rodésia, nyaeta hiji nagara nu dilingkung di bagean kidul buana Afrika, antara walungan Zambezi jeung Limpopo. Zimbabwe wawatesan jeung Afrika Kidul di beh kidul, Boswana di kulon kidul, Zambia di kulon kaler, sarta Mozambik di beh wetaneunnan. Basa resmi Zimbabwe nyaeta Basa Inggris, tapi kalolobaan urang Zombabwe make Sona, salasahiji basa asli di Zimbabwe.
Ti circa 1250-1629, wewengkon nu kiwari katelah Zimbabwe diparentah ku Kakaisaran Mutapa, nu katelah oge Mwene Mutapa, Monomotapa atawa Kakaisaran Zimbabwe Raya, nu kasohor minangka rute perdagangan emas jeung Arab. Tapi, Portugis ngaruksak perdagangan eta sarta ngamimitian runtuyan perang nu nyababkeun kakaisaran ampir runtag dina munggaran abad ka-17. Taun 1834, urang Matabele datang nalika nyingkahan pupuhu Zulu Shaka19, ngadegkeun wewengkonna jadi kakaisaran anyar, Matabeleland. Taun 1980-an, urang Britania datang jeung Pausahaan Afrika Cecil Rhodes'. Taun 1898, ngaran Rodésia Kidul dipake.
Taun 1965, nu satuluyna jadi Perdana Mentri Rodésia Ian Smith ngadelarasikeun Déklarasi Kamerdikaan Unilateral ti Karajaan Ngahiji; hiji republik nu dideklarasikeun taun 1970. Taun 1979, Smith jeung Abel Muzorewa ngahontal hiji kasapukan sarta ngawangun Rodésia Zimbabwé, nu diharepkeun bisa mungkas Perang Bush Rodésia, tapi sawatara bulan sanggeusna Kasapukan Lancaster House overrode Muzorewa's compromise sarta Rodésia Zimbabwé dibalikkeun deui kana status jajahan. Dina 18 April 1980, nagara ieu merdika kalayan ngaran anyar, Zimbabwé, bandera anyar, katut pamarentahan nu dipingpin ku Robert Mugabe ti Uni Nasional Afrika Zimbabwé (Zimbabwe African National Union, ZANU). Canaan Banana jadi presiden munggaran sarta Mugabe jadi perdana mentri. Taun 1987, pamarentahan ngamandemen Konstitusi pikeun provide for Présidén Éksekutip sarta ngabolisi kantor Perdana Mentri. Parobahan konstitusional hasilna nyaeta nalika 1 Januari 1988, Robert Mugabe jadi President.
Dina kapamingpinan presiden kiwari, Mugabe, ékonomi Zimbabwé nyirorot tina salasahiji nu pangkuatna di Afrika jadi salasahiji nu panglemahna di dunya. Lawan jeung kritik pulitik keur Mugabe ngawangun Gerakan keur Parobahan Démokratis taun 1999, nu ngusulkeun dipungkasna "Mugabe's Reign of Terror." Kiwari, alatan Zimbabwe beuki anarkis, tensi pulitik geus ningkat kacida gedena. Ayeuna, 80% urang Zimbabwe ngalanggur sarta inflasi geus naek leuwih ti 15,000%.[1]
[édit] Lagu nasional
Berkah keur Lemah Zimbabwe (Basa Sona: "Simudzai Mureza wedu WeZimbabwe"; Basa Ndebele Kalér: "Kalibusiswe Ilizwe leZimbabwe") nyaeta lagu nasional Zimbabwe. Diwanohkeun Maret 1994 sanggeus kompetisi tingkat nasional keur ngaganti "Ishe Komborera Africa" minangka lagu Zimbabwe nu distinct. Entri nu meunang nyaeta lagu nu ditulis ku Profesor Solomon Mutswairo sarta diaransemen ku Fred Changundega. Geus ditarjamahkeun kana tilu basa utama di Zimbabwe.
The Flame Lily, national flower of Zimbabwe
|
[édit] Tempo oge
- Tempo Ogé: Ngaran tempat di Zimbabwé
[édit] Rujukan
[édit] Tumbu luar
Wikisource mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Pamarentahan
Warta
Direktori
Pelesir
Lianna
| Citakan |
| Geografi lokal |
|
Nagara nu basana Basa Nigeria-Kongo |
CAR = Central African Republic DRC = Democratic Republic of the Congo
|
|
| Kaanggotaan internasional |
|
| | |