|
Kotak parabot |
Wikipedia:Kauntungan boga rekeningAnjeun sama sakali teu kudu asup log pikeun maca Wikipédia. Malah pikeun ngédit artikel gé teu kudu — sing saha waé bisa ngédit ampir sakabéh artikel, tanpa asup log, sarta nu petana kitu téh teu saeutik, padahal teu ukur sakali. Najan kitu, nyieun rekening téh gampang pisan, gancang, bébas, jeung pikeun sababaraha alesan mah aya untungna.
[édit] Kauntungan[édit] Kauntungan pamaké nu boga rekening
[édit] Kauntungan lianna
[édit] Dadaran[édit] Ngaran pamakéMun anjeun nyieun rekening, anjeun bisa milih ngaran pamaké/landihan. Éditan nu dijieun sanggeus asup log bakal némbongan maké kontributor éta ngaran. Hartina, sadaya kontribusi anjeun kacatet dina jujutan kacana (mun teu asup log, éditan téh ukur dicirikeun ku alamat IP anjeun). Anjeun ogé bisa némbongkeun sakabéh kontribusi anjeun ku ngaklik tumbu "kontribusi kuring" nu aya ukur mun anjeun asup log. [édit] Status kuncénKuncén (ti dituna mah disebut administrator atawa sysop, system operator) bisa ngahapus sarta nyimpen deui hiji artikel, ngonci tina éditan, ngédit artikel nu dikonci, sarta meungpeuk pamaké nu ngarumpak kawijakan urang. Aranjeunna ilaharna mah nuturkeun kahayang masarakat Wiki dina kaca samodél Wikipedia:Artikel hapuseun. Nu bisa jadi kuncén téh ukur pamaké nu asup log. Najan teu sarua bakuna, sakabéh pamaké nu geus ilubiung di Wikipédia sababaraha bulan lilana tanpa masalah bisa diangkat jadi kuncén; najan pamaké saha baé bisa ngajukeun manéh, promosi pikeun pamaké anyar mah tara aya. Pikeun tungtunan dasar ngeunaan baku calon kuncén, mangga tingal kaca ieu... Mun anjeun hayang jadi kuncén (tangtuna kudu geus asup log), mangga tingal mundut jadi kuncén. [édit] Baca ogé |