|
Élmu nyaéta kumpulan pangaweruh manusa nu sistimatis nu dibeunangkeun ku prosés élmu. Prosés élmu nyaéta susunan cara meunangkeun pangaweruh ngeunaan hiji sistim. Prosés ieu sacara umum nyaéta métode ilmiah, sedengkeun sistim anu ditengetan sacara umum nyaéta alam. Sains ogé bisa mangrupa kanyaho ilmiah anu dibeunangkeun ku métode ilmiah eta. |