Basa séjén

Républik Indonésia

Republik Indonesia
Républik Indonésia
Bandéra Indonésia Lambang Indonésia
Bandéra
Motto
Bhinneka Tunggal Ika
(Jawa Kuna/Kawi/Sangsakerta: Nunggal dina karageman)
Idéologi nasional: Pancasila
Lagu
Indonésia Raya
Location of Indonésia
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Jakarta
6°08′S 106°45′E
Basa resmi Indonésia
Pamaréntah Républik
 -  Présidén Susilo Bambang Yudhoyono
 -  Wakil Présidén Jusuf Kalla
Merdika ti Walanda 
 -  Diumumkeun 17 Agustus 1945 
 -  Diaku 27 Désémber 1949 
Aréa
 -  Total 1,904,569 km² (ka-16)
735,355 mil² 
 -  Cai (%) 4.85%
Populasi
 -  Perkiraan  2005 222,781,000 (ka-4)
 -  Sénsus 2000 206,264,595 
 -  Kapadetan 117 /km² (ka-84)
303 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2005
 -  Total $977.4 miliar (ka-15)
 -  Per kapita $4,458[1] (ka-110)
HDI (2003) 0.697 (sedeng) (ka-110)
Mata uang Rupiah (IDR)
Zona wanci béda-béda (UTC+7 to +9)
 -  Usum panas (DST) teu acan ditalungtik (UTC+7 to +9)
TLD Internét .id
Kode telepon +62

Républik Indonésia ngarupakeun hiji kapuloan nu aya di antara Asia Tenggara jeung Australia, antara Sagara Hindia jeung Sagara Pasifik. Indonesia wawatesan jeung Malaysia di pulo Bornéo, Papua Gini Anyar di Pulo Papua, jeung Timor Wétan di pulo Timor.

Daptar eusi

[édit] Sajarah

Artikel Utama: Sajarah Indonésia

Dina pangaruh Buda, aya sababaraha karajaan di pulo Sumatra jeung Jawa ti abad ka-7 nepi ka abad ka-14. Saterusna datang sodagar-sodagar ti Arab mawa Islam, nu ka béh dieunakeun jadi agama mayoritas.

Nalika bangsa Éropa datang mangsa munggaran abad ka-16, maranéhna manggihan rupa-rupa nagara leutik. Kabitaeun pisan bangsa Éropa, nu mémang keur karanjingan ngawasa dadagangan rempah-rempah. Abad ka-17, bangsa Walanda nanjung jadi salasahiji nagara Éropa pangkuatna, ngawasa Nusantara kalawan ngalindih Inggris jeung Portugal (iwal Timor).

Satutasna VOC dibubarkeun, kakawasaanana di Indonésia dicepeng ku Pamaréntah Walanda. Satutasna leupas tina pangjajah Jepang taun 1945, bangsa Indonésia ngabéwarakeun kamerdikaan dipingpin ku Sukarno. Walanda ahirna narima, najan elat, dina taun 1949. Ti ngadegna Indonesia, Sukarno diangkat jadi présidén munggaran.

Suharto jadi présidén (1968) satutasna ngagulingkeun Sukarno nu pamaréntahanana jadi otokratik. Alatan pamaréntahanana nu subur ku polah korup, Suharto dipaksa mundur taun 1998.

[édit] Propinsi

Kaca Utama: Propinsi di Indonésia

Ayeuna, Indonésia ngabogaan 30 propinsi, 2 daérah istiméwa jeung 1 daérah husus ibukota. Propinsi-propinsi ieu dibagi deui jadi kabupatén-kabupatén, nu salajengna dibagi deui jadi kacamatan jeung kota administratif. Propinsi-propinsina nyaéta,

Bali, Bangka-Belitung, Banten, Bengkulu, Jawa Tengah, Kalimantan Tengah, Sulawesi Tengah, Jawa Wétan, Kalimantan Wétan, Nusa Tenggara Wétan, Sumatra Kidul, Gorontalo, Jambi, Lampung, Maluku, Maluku Kalér, Sulawesi Kalér, Sumatra Kalér, Papua (Irian Jaya), Riau, Sulawesi Tenggara, Kalimantan Kidul, Sulawesi Kidul, Irian Jaya Kulon, Jawa Kulon, Kalimantan Kulon, Nusa Tenggara Kulon, Sumatra Kulon

Daérah-daérah hususna (daérah istiméwa, DI) nyaéta Acéh jeung Jogjakarta, sedengkeun daérah husus ibukotana Jakarta.

Kapuloan Riau bakal jadi propinsi sorangan, misah ti propinsi Riau.

[édit] Géografi

Kaca Utama: Géografi Indonésia

Peta Indonésia
Peta Indonésia

Tempo ogé: Peta Asia

[édit] Ekonomi

Kaca Utama: Indonésia Ekonomi


[édit] Démografi

Kaca utama: Démografi Indonesia

Populasi Indonésia sacara kasar bisa dibagi kana dua kelompok. Di beulah kulon, umumna dieusi ku urang Malayu, sedengkeun di wewengkon wétan nyaéta urang Papua. Sanajan kitu, struktur sélér sabenerna leuwih rupa-rupa, katambah ku sélér-sélér tradisional nu aya di Bornéo/Kalimantan jeung Papua. Urang Cina ngabentuk hiji sélér minoritas (2 nepi ka 3 juta).

Islam mangrupa agama nu utama di Indonesia, ampir 80% ngagem agama ieu. Sesana ngagem agama Kristen (9%), Buda (2%), jeung Hindu (1%), nu panungtungan lolobana aya di Bali. Koflik antaragama rada mindeng dina taun-taun ieu, utamana di Maluku.

Basa nasional, Bahasa Indonesia - hiji dialék basa Malayu - dipaké ku ampir sakabéh warga, sanajan dialék lokal biasana masih lumaku salaku basa poko.

[édit] Budaya

Artikel utama: Budaya Indonesia

Wujud seni di Indonesia dipangaruhan ku sababaraha budaya. Misalna Ibing Jawa jeung ibing Bali nu geus kakoncara, dipangaruhan ku budaya jeung mitologi Hindu, buda dan islam.

Pintonan wayang kulit Jawa nu ogé geus kakoncara, nunjukkeun sababaraha kajadian mitologis.

Dina bukuna Max Havelaar, pangarang Walanda Multatuli ngritik kalakuan pamarentahna (Pamarentah jajahan Walanda) ka Bangsa Indonesia, meunangkeun perhatian internasional.

[édit] Bacaan salajengna

[édit] Tumbu kaluar

Géografi lokal
Kaanggotaan internasional


fryzury Motywy literackie Forex harcerstwo chorwacja Adwokat Coaching Pozycjonowanie eurodomplus Canon A720 IS wczasy nad morzem Opisy na Gadu Gadu Jericho Wina Fryzury kick koparki Bułgaria wczasy Karaoke tani kredyt hipoteczny COOLsurf